Caritana kieu. Aya budak kampung bari jero, motor oge teu bisa asup. Lamun hujan, jalanna siga sawah. Siga tos nyawah we lamun ngalewat kadinya teh.
Manehna rek mangkat ka kota neangan padamelan. Biasa, hayang siga batur, nyaba ka Jakarta ceunah. Untungna, Si budak kampung iyeu rada pinter saetik mah.
Zaman harita teh, masih marurah. Terus kandaraan geh rada hese mun rek ka kota. Kudu nungguan heula anu lila, ke lamun tos seubeh nungguan, karak aya eta si mobil teh.
Kabeneran, si budak iyeu teh poho dahar tur bari teu mawa beukeul. Dina jero mobil teh ngan ukur ngusapan beuteung we, bari mikiran iraha sampena ka kota. Hayang jajan, tapi bisi teu cukup duitna, bari arisin bula-beuli dina jero mobil.
Lantaran ges teukuat nahan kanyeuri, maka we lajuna mah. Kabeneran aya padagang tahu. "Mang, tahuna hiji..." manehna ngomong bari ngarawed tahu.
"Sabarahan mang...?" nanya, bari hatena reuwas. "Murah, cuma gope kok harganya..." dijawab ku padagang tahu.
Ngadenge aran "gope" bingung manehna. Rek nanya, ja isin. Bisi diseungserikeun batur, saking teu nyahona sabab sadar budak jerona. Sakian detik, manehna mikir. "Geus mang, balakatingtung bae.." ceuk si budak kampung teh.
Anu bingung kiwari padagangna. Umur-umuran karak ngadenge iyeu aya aran "balakatingtung" sagala. Si padagang tahu laju nanya.
"Balakatingtung berapa ya..?"
Dijawab ku budak beje tadi. "Terus eta gope sabraha mang?"
"Gope itu lima ratus.." jawabna si padagang.
"Balakatingtung mah, opat ratus mang.." dijawab bari pede.
"Wah gak dapet, gope udh pas!.."
"Gope itu lima ratus.." jawabna si padagang.
"Balakatingtung mah, opat ratus mang.." dijawab bari pede.
"Wah gak dapet, gope udh pas!.."
Dibayaran eta tahu, ku duit lembaran anu aya gambar monyet keur diuk. Duitna geh bari geus kuleumeuk tea. Sigana eta duit urut dipake uulinan dina se-eng atawa gidir urut ngaliwet.
Ahirna, Si budak kampung bari jero iyeu teh, nyaho lamun gope eta lima ratusan. Bisaan bae eta jurusna mah, supaya teu kaisinan.



Tidak ada komentar: